Sakabeh manusa, gubragna ka alam dunya teh bari nampa hak-hak anu sarua jeung mutlak, kalawan dibarung ku ayana kabebasan anu fundamental.
Perserikatan Bangsa-Bangsa boga komitmen pikeun nanjeurkeun jeung nangtayungan hak-hak asasi manusa sakumna.
Ieu komitmen teh awalna lahir dina Piagem Perserikatan Bangsa-Bangsa anu ngeceskeun kayakinan sakumna bangsa di ieu dunya kana ayana hak-hak asasi manusa anu fundamental dina martabat katut ajen kamanusaan.
Dina Pernyataan Umum ngeunaan Hak-Hak Asasi Manusa, Perserikatan Bangsa-Bangsa nerangkeun kalawan eces ngeunaan hak-hak anu geus jadi milikna saban jalma sacara adil. Eta hak-hak teh saestuna pisan bogana saderek.
Eta hak - hak teh saestuna pisan mangrupa hak saderek.
Atuh ku kituna, saderek kedah wanoh kana hak-hak saderek teh. Heg jalankeun eta hak-hak teh boh keur diri urang pribadi boh pikeun sasama.
PERNYATAAN UMUM NGEUNAAN HAK - HAK ASASI MANUSA
Dumasar ku ayana timbangan yen pangakuan kana ayana martabat alamiah katut hak-hak anu sarua ti sakumna anggota kulawarga manusa nu dasarna kamerdikaan, kaadilan jeung perdamaian di dunya.
Ku ayana timbangan yen ngalelewodehkeun katut nganggap enteng kana hak-hak manusa teh geus nyiptakeun polah - polah bengis anu nimbulkeun kaceuceub kana nurani manusa tur ngawangun hiji dunya tempat manusa ngasaan nikmatna kabebasan nyarita jeung ngagem agama sarta bebas tina kasieun jeung katuna, geus ditembrakkeun salaku cita-cita luhung ti rahayat biasa.
Ku ayana timbangan yen hak-hak manusa teh perlu ditangtayungan ku aturan hukum sangkan ulah milih cara anu kapaksa dina ngalawan nu lalim jeung anu resep ngajajah.
Ku ayana timbangan yen dina ngabina hubungan duduluran di antara nagara-nagara perlu dironjatkeun.
Ku ayana timbangan yen bangsa-bangsa ti Perserikatan Bangsa-Bangsa dina Piagem Perserikatan Bangsa-Bangsa geus ngeceskeun deui ayana kapercayaan kana hak-hak dasar manusa katut hak-hak anu sajajar boh keur lalaki boh keur awewe, jeung geus mutuskeun rek ngarojong kamajuan sosial jeung taraf hirup anu leuwih hade dina kamerdikaan nu leuwih jembar.
Ku ayana timbangan yen nagara-nagara anggota geus guyub pikeun ngahontal kamajuan nu mangrupa pangajen jeung rasa hormat sacara umum kana hak-hak asasi manusa sarta kana kabebasan - kabebasan anu asasi, ku jalan gawebabarengan jeung Perserikatan Bangsa-Bangsa.
Ku ayana timbangan yen janji ayana paham anu sarua ngeunaan hak-hak jeung kabebasan-kabebasan teh kacida pentingna pikeun dilaksanakeun kalawan daria, atuh ku kituna.
MAJELIS UMUM
ku jalan ieu ngaproklamasikeun
PERNYATAAN UMUM NGEUNAAN HAK - HAK ASASI MANUSA
Salaku standar umum hiji-hijina pikeun ngahasilkeun sakumna bangsa katut sakumna nagara, kalawan tujuanana malar saban jalma jeung saban badan-badan masarakat, mun inget kana ieu pernyataan rek satekah polah mere pangaweruh malar bisa ngajenan kana hak-hak jeung kabebasan ku tindakan-tindakan anu progresif boh sacara nasional boh sacara internasional sifatna, ngajamin ayana pangakuan jeung pangajen anu universal jeung efektif, ti sakumna bangsa nagara anggota sorangan, boh ti bangsa-bangsa anu aya di wilayah kawasan hukum luar ti eta.
Sakumna jalma gubrag ka alam dunya teh sifatna merdika jeung boga martabat katut hak-hak anu sarua . Maranehna dibere akal jeung hate nurani, campur-gaul jeung sasamana aya dina sumanget duduluran.
Saban jalma boga hak kana sakumna hak jeung kabebasan anu dicatetkeun dina ieu pernyataan bari teu diiwalkeun, saperti perbedaan ras, warna kulit, jenis kelamin, basa, agama, pulitik atawa pandangan sejen, asal usul kabangsaan atawa kamasarakatan, hak milik, kalahiran atawa kadudukan sejen.
Saterusna, moal dibeda-bedakeun ngeunaan kadudukan pulitik, hukum, atawa kadudukan internasional ti nagara atawa daerah mana-manana, naha eta jalma teh datang ti nagara nu geus merdika, atawa ti nagara anu bentukna wilayah-wilayah perwalian, jajahan atawa anu aya dina handapeun kadaulatan nagara sejen.
Sakumna jalma, saha bae, boga hak kana kahirupanana, kabebasanana sarta kasalamatenana.
Sing saha bae, teu meunang diperbudak atawa dibujangkeun; perbudakan atawa perdagangan budak nu kumaha bae rupana kudu dihulag.
Sing saha bae teu meunang nandangan panyiksa atawa kakejeman, atawa narima hukuman anu jauh tina rasrasan atawa nampa panghina.
Sing saha bae nampa pangaku nu sarua di hareupeun hukum, di mana bae ayana.
Sing saha bae, boga kadudukan sajajar di hareupeun hukum jeung ngabogaan hak dina narima panangtayungan hukum bari teu diwilah-wilah. Sakumna jalma boga hak anu sarua dina narima panangtayungan tina polah-polah anu sok ngawilah-wilah anu patukang-tonggong jeung ieu pernyataan, katut tina sagala rupa hasudan anu deukeut-deukeut kana polah diskriminasi.
Sing saha bae, sacara mandiri boga hak dina mulangkeun deui ngaran hade ti pangadilan nasional anu boga urusan dina nguruskeun tindakan-tindakan nu ngarempak hak-hak fundamental anu dibikeun ka manehna ku undang-undang dasar atawa hukum.
Sing saha bae teu meunang ditewak, ditahan atawa dibuang bari sawenang-wenang.
Sing saha bae, sacara gembleng, boga hak nampa kaadilan ti pangadilan sacara adil jeung nembrak jeung henteu mihak, dina netepkeun hak jeung kawajiban-kawajibanana sarta tina saban tungtutan pidana anu ditibankeunana.
Sing saha bae teu meunang diganggu sacara sawenang-wenang kana urusan pribadina, kulawargana, rumah-tanggana atawa mun manehna ngayakeun hubungan surat-sinurat ; pon kitu deui dipahing ngaganggu kana kahormatan sarta ngaruksak ngaran manehna. Sakumna jalma boga hak narima panangtayungan hukum tina gangguan jeung polah-polah sarupa kitu.
Sing saha bae boga hak dina kabebasan mikir, hate nurani jeung agama; dina hal ieu oge aya kabebasan ganti agama atawa kapercayaan, katut kabebasan dina nembongkeun agama jeung kapercayaanana ku jalan ngajarkeun, milampah, ibadah jeung taat kana agama atawa kapercayaanana, boh sosoranganan boh jeung batur, naha di hareupeun umum atawa rerencepan.
Sing saha bae boga hak dina ngaluarkeun pamanggih; ieu kaasup kabebasan dina boga pamanggih bari henteu diganggu deungeun, kaasup dina neanganana, narima atawa nepikeun informasi tina hasil mikirna ngaliwatan media naon bae kalawan henteu kawatesan ku wilayah.
Sing saha bae salaku anggota masarakat boga hak dina narima jaminan sosial, sarta hak-hak ekonomi, sosial jeung budaya anu kacida dipikabutuhna pikeun nanjeurkeun martabat jeung tumuwuhna pribadi anu bebas, ngaliwatan usaha-usaha nasional katut gawe babarengan internasional anu luyu jeung anu diatur sarta jeung sumber daya saban nagara.
Sing saha bae boga hak pikeun reureuh jeung libur, kaasup boga hak nampa jam gawe anu ngawates tur merenah, boga pere anu mayeng bari angger narima upah.
Sing saha bae boga hak kana tatanan nasional jeung internasional. Eta hak jeung kabebasan anu aya dina ieu pernyataan teh bisa dilaksanakeun sacara jembar.
Tina ieu Pernyataan, hiji oge ulah ditafsirkeun saolah-olah mere nanaon ka hiji nagara, kelompok atawa pribadi anu mangrupa hak, pikeun kalibet atawa nyieun polah anu tujuanana rek ngaruksak kana hak-hak jeung kabebasan anu kacatet dina Pernyataan.
|